guguritan tina ngaran kekembangan
B. Daerah
yani011
Pertanyaan
guguritan tina ngaran kekembangan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Guguritan nyaeta wangun puisi anu biasa ngagunakeun atawa kaiket ku patokan pupuh. Dina pupuh aya 17 rupa patokan anu miboga aturan jeung watek atawa karakter anu beda-beda. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu.
Di handap nyaeta contoh guguritan ngaran kekembangan anu ngagunakeun patokan pupuh kinanti. Guru wilangan jeung guru lagu kinanti nyaeta 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Sedengkeun watek atawa karakter anu aya dina pupuh kinanti nyaeta ngagambarkeun rasa nungguan, deudeupeun atawa rasa kanyaah.
Tapi kusabab anu dipenta nyaeta conto guguritan tina ngaran kekembangan, conto guguritan pupuh kinanti di handap ieu henteu saluyu jeung watek atawa karakter anu aya dina pupuh kinanti, sedengkeun guru wilangan jeung guru laguna mah saluyu jeung anu aya dina pupuh kinanti :
olohok teh ngembang kadu 8-u,
lamun eumbreuk ngembang awi 8-i,
ari gojod ngembang salak 8-a,
anu uceng ngembang tangkil 8-i,
anu cacas ngembang lopang 8-a,
ngembang kaso mah curiwis 8-i
Dina basa Sunda, aya sawatara kekembangan anu miboga ngaran anu hartina mangrupa pasipatan atawa kaayaan, boh pasipatan jelema boh pasipatan atawa kaayaan lianna. Saperti kembang kadu ngaranna olohok anu hartina colohok atawa molohok, kembang awi ngaranna eumbreuk anu hartina numpuk atawa teu payu, kembang salak ngaranna gojod anu hartina sre wae, jeung sajaban ti eta.